Ngobor

Senin, 19 September 2016 | 16:54 WIB
0
1206
Ngobor

Ari ngobor teh pagawean ngala belut. Dilakukeunana ieu pagawaean ti peuting meneran keur poek bulan, da mangsa caang bulan mah mo aya belut nu kaluar tina enggonna kusabab disangka beurang. Mo aya ngobor beurang-beurang, ari pabeubeurang mah disebutna ngurek. Sarua eta ge ngala belut make kenur jeung urek eusi eupan. Nu jadi eupanna biasana bancet atawa cukup ku cacing taneuh.

Ari karesep kuring ti bubudak nyaeta ngobor. Tangtu ie kecap “ngobor” teh asalna tina “obor”, nyaeta oncor nu dijieunna tina awi nu dieusian minyak tanah, tuluy make sumbu. Sumbu nu ngandung minyak teh make seuneu. Baheulana pisan mah waktu can usum minyak tanah tangtuna oge oncor pikeun ngobor teh dijieunna tina sabangsaning buah jarak. Da cacakan mun oncor leuwih ti heula dipake, sigana mah ngala belut ti peuting teh kasebutna “ngoncor” meureun, lain ngobor.

Ka beh dieunakeun, oncor jeung obor salin jinis ku lampu patromaks nu caang. Tanagana make minyak tanah oge, bedana sumbuna make kaos lampu nu uduh pisan jeung dihalangan make jandela kaca sakulibengna. Tudungna siga “piring terbang”, dijieunna tina kaleng kandel.  Jeung jenatna pun Bapa, kuring mah ngalaman teh ngobor ku patromaks. Aya oge nu make karbit, tapi teu kaalaman ku kuring mah. Ongkoh di lembur mah mun ngobor make karbit teh pinasti teu bogaeun patromaks di imahna.

Tah kulantaran ngan ukur boga hiji-hijina patromaks, atuh lamun ku kuring jeung pun Bapa dipake ngobor teh di imah ganti ku lampu teplok, puguh da harita mah tacan aya listrik ti PLN sanajan enya hirup kasebutna deukeut sisi jalan utama oge. Lila tuda ngamprahna, tuluyna mah “nyolok” listrik kagungan tatatangga we, mun teu ti Ma Uu nya ti Mang Kurdi.

Ieu pangalaman ngobor nu dicaritakeun ku kuring teh utamana mangsa kuring sakola SMP jeung SMA, kira-kira taun 1979 nepi ka 1984. Ari ngoborna nya duaan we jeung pun Bapa, iwal ti mun aya pun paman ti Jakarta, sok pirajeunan ngobor tiluan. Mun keur mangsa poek bulan mah jeung sawahna keur meujeuna meunang nandur, sok pasti bebenangan teh munel.

Ari cindekna belut di sawah teh nya kitu we ngajepat. Koneng rupana. Beda jeung oray sawah nu wangunna kawas keris. Jeung deui ari oray sawah mah ngambang, teu neuleum napak tanah siga belut. Meun seug panggih belut nu keur ngajelepeng, aya dua cara pikeun ngalana; nyaeta dikadek ku bedog mintul atawa ku gegep kai make parud aluminium. Lamun belut keuna ku gegep, mo bisa ingkah deui da kajepet ku parud tea sok sanajan belut kasebutna leueur.

Ngan ari ku gegep teh belut sok kagareuwahkeun. Mun kagereuwahkeun sok tuluy kabur. Antukna bedog mintul leuwih matih, sanajan pama tarik teuing ngadek belut teh sok nepi ka buntung atawa sapat. Pama geus dikadekkeun, ulah waka diangkat tah bedog teh, anggur kudu leuwih didedetkeun kana taneuh. Belut teh sok teterejelan. Ku leungeun kenca kari metot huluna, tuluy diaseupkeun kana ember.

Lamun keur untung mah sok beunang saemberna eta teh. Samalah mah sok ngajadikan pun Bibi ngarasula, tuda kudu meresihan belut sakitu lobana. Ku jenatna pun Biang, eta belut teh tara diasakan kabeh, tapi reremenna mah dikere, maka bumbu katuncar, asem jeung geula beureum. Kere belut teh pedo elom rasana. Komo jenatna pun Nini mah, belut teh dibubuy, dibebeskeun kana ruhak di hawu, Ari dimasakna make galendo, campur jeung bawang daun, saledri, jeung sajabana. Rasana leuwih gurih batan lauk laut mah.

Manggih ririwa

Teu lengkep lamun nyaritakeun ngobor teu jeung carita aheng salila ngobor. Naon deui atuh lain mun teu panggih jeung ririwa mah. Nguping carita pun Bapa, ceunah inyana kungsi manggihan ririwa nu nunutur nincak galengan. Pareng eureun sarta patromaks diangkat ka luhur, eta ririwa teh ngiles. Mun lengkah diteruskeun, eta ririwa teh nunutur deui, hiyyyyy....! Ceunah ceuk pun Bapa mah rupana eta ririwa teh ngeplak bodas tur leumpangna teu napak bumi.

Kuring mah sok ngarey muringkak bulu punduk mun ngadenge caritaan kitu teh, tapi da resep we ngupingkeunana. Kuring ge ngalaman carita aheng waktu keur ngobor teh, tapi teu kungsi panggih jeung jurig bungkeuleukan mah, ngan pernah ngadeng sora jeung kungsi disasabkan ku ririwa salila ngobrol. Kieu caritana....

Dina hiji peuting, kuring ngan ukur paduduan ngobor jeung pun Bapa. Ari ngoborna meh nepi ka kampung Jati, nu harita mah masih keneh sawah upluk-aplak, tacan aya padumukan. Ari sawah nu dipake ngobor teh gaduhna pun Aki sorangan, Haji Sobari, nu ayeuna eta sawah alhamdulillah geus kapimilik ku incuna, nya kuring tea.

Harita waktos pun Aki tilar, harta bandana dibagikeun ka palaputrana, kaasup Mang Ion. Tah kulantaran keur kapisekan butuh beaya pikeun anakna, nya Mang Ion ngumaha duit ka kuring ku jalan ngajual sawah beunang warisan ka kuring nu legana 100 bata. Nepi ka ayeuna eta sawahna teh hasilna munel, tilu kali dina satuanna kuring panen pare tina eta sawah.

 

Tah, dina eta sawah teh, di tungtung galengan, aya tangkal jambu nunggeulis. Kasebut nunggeulis da ngan aya hiji-hijina tangkal jambu na galengan. Kuring oge kungsi nempo pabeubeurang eta tangkal jambu teh, ngan can kungsi naekan.

 

Pareng basa dina hiji peuting ngobor jeung kudu ngaliwatan eta tangkal jambu, dumadakan lampu patromaks nu dijingjing ku pun Bapa ngadadak rek pareum. Buru-buru pun Bapa ngompa. Tap da minyak tanahna mah masih keneh loba. Ari ngompa teh tangtu bari eureun heula. Tah di gigireun teh tangkal jambu tea.....

Teuing kumaha kajadianana da ngan ukur saliwatan, ujug-ujug aya angin ngagelebug. Pun Bapak tihothat ngahalangan lampu patromaks da kaosna bisa katebak angin, bisa coplok. Mun coplok mah cilaka, jabaning teu mawa lampu senter.

“Pa, asa tarariis kieu Aa mah,” ceuk kuring ka pun Bapa. Puguh ge punduk ngadaak nyeceo tiis. Ari pun Bapa ngareret ka palebah tangkal jambu, “Nam... nam..... hayu ingkah,” walonna. Nya kuring leumpang ti heula dicaangan ku patromaks nu rek pareum tea.

Kakara ge sabaraha lengkah, ana..... “gubrug-gubrug” teh aya sora nu ngeundeuk-ngeundeuk tangkal jambu tarik naker, jentre pisan. Kuring ngareret ka tukang. Tapi anehna da tangkal jambu mah anggeur we teteg, taya hiji daun nu katebak angin oge. “Tetela eta teh ririwa,” ceuk gerentes hati kuring harita.

Kajadian kaduana nyaeta basa kuring ngobor jeung pun Bapa rada lampar, pernahna ka Cibangkong nu katelah geueuman. Pernahna beh wetaneun Jati, nu hartina leuwih jauh. Harita mah pareung peuting sial, taya belut sasiki-siki acan, padahal keur poek bulan. Tuluy we kuring aprak-aparakan alatan panasaran. Sadar-sadar soteh basa peuting beuki geueuman. “Hayu urang uih we, A!” ceuk pun Bapa. Nya kuring mah nurut we sanajan hanjelu da can beubeunangan.

Tapi teuing kumaha atuh, unggal galengan nu dituju, kalahka beuki ngajauhan. Aya patokan imah warga, perkiraan teh Cirungkang, pas dijugjug, eta imah teh ngadon pindah ke beh wetankeun. Di jugjug ka wetan, pindah ka kaler.... kitu saterusna. Pareng aya lampu siga pom bensin, kuring jeung pun Bapa ngajugjug kana datangna cahaya. Ari baras teh..... na bet ka makam geledegan!

“Astagfirulloh....” ceuk pun Bapa jurung doa. Tuluy inyana maca ayat kursi. Ari kuring mah nempo tangka samboja gugupay katebak angin teh bet tetempoan aya nu gugupay, hiiiiiiiyyyyyyy........!!!!

Kuring mah cukup ku babacaan Al Ikhlas jeung Anas we sabisa-bisa da can apal maca ayat kursi mah.

Teu lila ti harita mah plong we kuring jeung pun Bapa dipasihan kalapangan, nyaeta jalan pangbalikan nu kudu di sorang. Ah, da teu sing jauh pisan atuh. Tapi dasar jurig telenges atuh, kacida pisan ngaheureyan teh nepi ka kuring jeung pun Bapa apruk-aprukan, sasab kadungsang-dungsang, jabaning lampu patromaks geus meh pareum.

Beu..... geuning loba pisan carita tina ngobor teh.

Cag ah!