Kabayan Jeung Tuyul

Sabtu, 20 Agustus 2016 | 14:50 WIB
0
712
Kabayan Jeung Tuyul

Carpon: Pepih Nugraha

Si Kabayan kajongjonan ngusep di walungan nepi ka meh sareupna. Manehna cinutrung na batu leah, panasaran ti isuk jedur nepi ka magrib jeder eupanna tacan dilamot ku lauk hiji-hiji acan. Boro aya nu ngerenyed, bakat ku lila teu disenggol lauk nepi ka lancah oge calutak nyieun ramat na kenur jeung jeujeurna. “Cucungah siah lancah, ngaledek aing,” gerentes Kabayan.

Kawas les ilang we eta lauk di walungan teh teu saperti sabihara-sabihari, nepi ka adan magrib kadenge handuruan, jeujeur suwung eundeur. Teu nolih wanci geus sareupna jeung nyanghareupan malem jumaah, bareng keur anteng nguseup, kadenge ku manehna aya sora budak nanya ti gigireun. “Geus meunang loba laukna, Kang?” ceuk eta budak.

Ih, calutak pisan ieu budak teh teu boga di tatakrama, ka kolot nyaluk ‘Kang’, gerentes hatena. “Ari katempona ku silaing kumaha?” walon Kabayan bari nahan piambekeun. Ceuk eta budak, “Kosong. Korangna wae molongpong, Kang.”

Amarah Kabayan beuki ngaguludag tuluy pok ngomong, “Ari silaing kungsi sakola, teu? Na teu boga dikasopan?” Diwalon deui ku eta budak, “Puguh ge teu kungsi sakola, alatan kakara hirup dua jam, tuluy nyawa dipundut kunu Kawasa.”

Kabayan angger anteng museur kana usep, teu pati ngabandungan kana omongan budak cikeneh, komo basa karasa jeujeurna endut-endutan. “Tuluy?” ceuk Kabayan.

“Tuluy uing dikubur di makam hareupeun ieu walungan,” walon eta budak. Pikiran Kabayan angger museur kana jeujeur nu terus kekedutan rongkah, atuh deui-deui teu pati malire kana omongan budak cikeneh. “Tuluyyyy…?” ceuk Kabayan.

“Tuluy aya jelema ngali liang kubur uing, saterusna boeh uing dipaling dijadikeun jimat, uing diasupkeun kana botol dijadikeun tuyul….”

Jeujeur Kabayan ayeuna mah uget, tali kenur kasered ka tengah, umbul-umbul ngelelep. Atuh naon anu dicaritakeun ku budak teh bener-bener teu dipalire pisan, samalah terus nanya barung ku usep nu disorang lauk. “Tuluy, tuluy….!!!”

“Tuluy uing jadi TUYUL kawas kieu,” ceuk eta budak bari ngajewer ceuli Kabayan tarik naker.

Barang ret ka gigir, katempo ku Kabayan hiji TUYUL nu mangrupa budak orok hideung meles keur ungsrak-ingsreuk nyedot leho hejona nu meh ragrag. Panonna molotot-moncorong kawas senter.

Ari tina udelna masih keneh ngambay tali ari-arina. Ana berenyeh seuri, taya huntuan sasaki-siki acan, tapi leungeun katuhuna niir lauk soloba-loba. “Yeuh jang maneh, Kabayan!” pokna bari nyerenkeun lauk nu geus meunang niiran tea.

“Najiiiiis!!!” Kabayan rikat ingkah tina batu damprak. Teu mikir ka useup jeung jeujeurna nu anyar meuli, manehna lumpat sakalumpat-lampet dina wanci nu meh reup peuting bari jojorowokan teu malire deui ka era, “Tuluuuyyyy… tuluuuuuyyyy.... eh, tuyuuuullll…. tuyuuuuullll.... tuluuuung….!!!”

Ti kajauhan eta tuyul teh ngan bati seuri ceuceuleukeukan bari caketroh ku lauk atah beunang newakan ti eta walungan bari ngagerentes, “Kutan manusa teh borangan, dedeg sampe rupa teu sabaraha!”

***

Catetan: dipidangkeun deui tina blog lawas sim kuring husus basa sunda namung tos teu dimumule deui