Hampura Ayah, Anaking....

Minggu, 11 September 2016 | 17:32 WIB
0
957
Hampura Ayah, Anaking....

Ieu mah lain beja lain carita, estuning karandapan ku sorangan. Nu rek dicaritakeun ku kuring kajadian tilu taun nu geus kaliwat. Alakadarna wae, saayana. Lain kajadian penting, tapi mo ka popohokeun, nyaeta hubungan kuring salaku kolot jeung anak kuring nu awewe, si Gadis.

Gadis teh anak kuring nu kadua, umurna kakara nincak lima taun tilu taun nu kaliwat. Ayeuna mah geus nincak 8 tahun, geus kelas 2 SD. Ari si cikal mah, Kakang, kapanan geus liwat 19 taun ninggang 21 Agustus nu anyar kaliwat. Beu, anggang pisan geuning ti si cikal ka si bungsu teh, meh 11 taun bedana. Alhamdulillah, kuring munajat ka Gusti Allah pareng dipercaya dua titipan ti Mantenna nu kacida gede ajenna.

Harita, Gadis sakola keneh di taman kanak-kanak kelas enol leutik di Sekolah Alam Bintaro. Ari miang ka sakola sok dijajapkeun ku kuring sorangan. Sanggeus jajap mah, nya kuring neruskeun lalampahan ka kantor nyetiran mobil sorangan. Ngan sok aya wae, ngaran-ngaran budak awewe, cenah mah sok ogo ka bapana. Nya kitu deui Gadis. Tapi ketang da rarasaan mah, si cikal nu lalaki oge ari ogo teh ka kuring batan ka indungna.

Ari ogona Gadis, kalan-kalan ditembrakkeun ka guruna unggal isuk pas kuring nganteurkeun manehna. Aya wae polahna teh. Embung mawa tas ku soranganlah, embung muka sapatu ku soranganlah, embung neunden tas ku soranganlah. “Alim, ku ayah wae,” kitu cenah, protes ti dituna mah.

Ongkohna di sakolana aya aturan, yen kolot nu nganteurkeun budakna teu menang ngalengkah nepi ka tempat barudak diajar, tapi cukup nepi ka tete-tetean wae. Aya tangarana mangrupa ibar “Wates nganteurkeun budak”, kitu cenah, ditempelkeun na tembok, eces pisan. Pernah hiji waktu kuring ngajelaskeun ka Gadis yen jajap nepi ka wates tete-tetean tea, ari pok teh manehna nempas, “Ayah teu ningali Dede seueur cacandakan?”

[caption id="attachment_703" align="alignright" width="343"] Gadis di Sekolah (Foto: Pepih Nugraha)[/caption]

Duh, garo-garo teu ateul bari nahan piseurieun, aya we alesanana teh. Memang harita leungeunna rebo ku babawaan. Leungeun katuhu mawa misting eusi bekelna, leungeun kenca mawa prakarya. Ari maksud kuring teh kapanan tas nu utama mah bisa digandong, sina ngadaplok we na tonggongna, ulah nepi ka kudu ku kuring dibabawa.

Pareng mun geus nepi ka tempatna diajar, mangrupa ranggon kawas sasaungan da ngahaja ngarah nyampur jeung alam, cenah ti dituna mah, Gadis sok rungsing, sok olo-olo embung ditinggalkeun. “Pami ayah angkat, Dede mah bade sedih ah,” pokna make basa Sunda nu merenah pisan. Malum, kuring jeung indungna barudak ngadidik anak teh teges ari urusan basa mah; nyaeta di imah wajib make basa Sunda.

Mun Gadis atawa lanceukna make basa Indonesia, kolotna sok akon-akon siga teu ngarungu, atuh otomatis manehna nyetel omongan make basa Sunda, kakara kuring salaku kolotna nembal. Meureun ceuk barudak kiwari mah kuring teh tinggaleun jaman pisan, “Hareee geneeee pake basa Sunda!” Karep ah, sabodo teuing.

Balik deui ka leppp…. eh, si Gadis. Nya kitu tealah, ogo. Aya we alesanana kuring ulah ingkah teh. Antukna, kuring kudu maluruh alesan nu pas.

Tah basa kamari pisan, waktu jajap Gadis nepi ka sakolana sabihara-sabihari, kuring geus siap-siap ku alesan nu ceuk pamikiran mah jitu naker, nyaeta alesan hayang miceun di kantor, beuteung mules lain buat pakeun, jadi kudu buru-buru ingkah ti eta sakola. Biasalah, kuring kapanan sempet diajar seni drama waktu keur jaman sakola baheula, nya elmu akon-akon caran na drama teh ku kuring dipraktekkeun harita.

“De, ayah mules nyeri patuangan, ayah kedah enggal-enggal ee di kantor,” ceuk kuring bari nyenyekel beuteung nu seger da teu mules teu naon, siap-siap ingkah.

“Kapanan aya tempat ee di dieu oge, naha kedah ka kantor tebih-tebih?” walon Gadis. Beu…. cilaka, salah ngitung kaya kieu mah. Pusing bari nahan piseurieun, kuring mikir… piraku kudu eleh ku budak?

“De, ayah aya rapat janten kedah enggal-enggal ka kantor!”

“Tapi Dede oge palay ee, Ayah!!”

Hah? Ah, pasti akon-akonna Gadis ieu mah. Loba akalna pisan ieu budak teh. Antukna kuring buru-buru miang ngajauhan manehna da ceuk suudonna mah Gadis teh keur akon-akon, piraku dumadakan hayang miceun cara kuring?

“Beneran (maksudna mah ‘leres’) Dede palay ee,” pokna bari nyekelan biritna ayeuna mah. Beu, teu beda jeung akon-akon bapana tadi nu nyenyekel beuteung sorangan.

Sanajan bari rada ambek ge, harita kuring ngagiring manehna ka toilet nu memang khusus jeung murid, beresih deuih teu siga toilet waktu kuring sakola esde di lembur. Inggis bisi kababayan na calana. Sok sapatuna dilocotkeun, calana legging-na dibuka, nya kitu deui calana jerona. Tuluy ku kuring diacragkeun na toilet sina diuk. “Ayah tiasa ee engke tos Dedenya,” pokna. Kuring bati nahan ambek campur pikaseurieun da can karuhan atuh Gadis bener-bener miceun.

Tapi… teu kungsi lila, ana borosot-borosot teh kokotor manusia patingborosot kaluar kawas lahar Galunggung longsor, dialokan ku boborobotanana angin kosong nu kasorong tina beuteung budak, angin bari mawawa bukur tea jigana mah. “Eeuuuu…” cenah budak dedegeng bari matana mureleng. Kuring mengkek irung.

Teu kungsi satengah menit ti harita, sanggeus kokotor jeung angin kaluar kabeh mah budak teh menta diombehan. Sok ku kuring diombehan da geus biasa kuring mah, jadi teu kudu ijid sagala rupa. Sajujurna, bari ngombehan budak teh aya rasa hanjelu na ati, bet suudon kana pamenta budak tadi, kapanan geuning budak teh menta nu sabenerna, teu akon-akon teu sing. Hampura, anaking…

“Ayah cios ee-na?” pokna sanggeus beres beberesih. Kuda ngawalon kumaha da kuring mah tadi teh akon-akon? “Di dieu we nya Yah eena, tebih ka kantor mah engke bilih kaburusutan di jalan!”

Aeh, aeh… geuning budak teh ku pinter nyaho ‘kaburusutan’ sagala! Nya kuring kudu mere jawaban nu pas jang manehna. “Teu cios ayah ee, De, tos teu mules ayeuna mah,” walon kuring da teu hayang miceun teu sing. “Tapi ayah kedah enggal-enggal ka kantor nya, De.”

“Ooohhhh….. kitu. Dah, Ayah…,” ceuk budak sanggeus beberes sapuratina.

Samemeh kuring miang, ngok kuring nyium heula tarang budak bari ngusapan sirahna. “Diajar nu saregep nya, De!” ceuk kuring gugupay miang.

Budak unggeuk bari males ngadadahan.

***