Nu Gelo Nipu Nu Waras

Selasa, 16 Agustus 2016 | 14:56 WIB
0
1518
Nu Gelo Nipu Nu Waras

Di dunya ieu, moal aya kasebutna jalma waras ngadon nipu jalwa owah atawa jalma kurang saeundan alias  jelema gering pikir (gelo). Inggis disebut sarua gelona tuda mun jalma waras nipu ka jalma teu waras mah.

Tapi nu kabaca ku kuring di internet, nyaeta na Kompas.com nu midang Minggu, 6 Oktober 2013 nu anyar kaliwat, manahoreng aya oge jalma owah nu sukses nipu jalma waras. Lain ngan ukur saurang nu katipuna, tapi bisa disebut balarea. Kumaha eta kajadian teh? Kieu caritana…

Kacaritakeun warga nu dumuk di Jalan PB Sudirman, Kecamatan Tanggul, Jember, Jawa Timur, geunjleung sanggeus manggihan layon hiji nonoman nu ngambang di selokan sisi pisan jalan. Atuh eta layon nonoman nu katempona masih seger teh pada ngagimbung cara laleur manggih kadu buruk.

“Basa kuring jeung sawatara warga liwat  ka eta solokan, nya kuring reuwas lain buat pakeun manggihan layon nu ngabubugang bari leungeunna sidakep teh,” ceuk Sugeng, salah saurang warga, sakumaha dicutat Kompas.com.

Kulantaran panasaran, ceuk Sugeng neruskeun caritana, sawatara warga nenggor eta layon nu ngabubugang ku batu. Nya ari ngaran-ngaranna layon piraku bisa nepis atawa nyingcet ngarah ulah keuna. Antukna batu nu ditenggorkeun kana layon teh estu taya pangaruhna.

Mayit anggeur ngabubugang teu usik teu malik. Antukna Sugeng nyebrut ngadon lapor ka pulisi. Teu lila ti harita, sawatara pulisi datang ka tempat kajadian perkara.

Pareng basa pulisi datang, eta nonoman nu jadi layon teh tetep ngabubugang, teu usik teu malik, teu ngiceup teu napas. Kulantaran geus jadi tugas jeung tanggung jawabna, antukna eta pulisi teh ancrub ka solokan rek ngangkat eta layon. Maksudna mah jang ngangkut tur mindahkeun eta layon ka kamar mayit pikeun kaperluan visum.

Tapi barang sawatara pulisi rek ngangkat eta layon, teu disangka-sangka… si layon nonoman nu buligir teh bet hirup deui, jagjag waringkas, kalayan teu kua teu kieu. Katambah-katambah eta layon hirup teh seuri nyakakak geunah pisan siga suwung ka susah, ma’lum nu gelo tea. Kacipta seuseurian bari jeung uulutudan, tongtonan haratis pikeun wanoja nu kabeneran lalar liwat ka eta tempat.

“Manahoreng manehna teh jalma owah alias nu gelo,” ceuk Sugeng bari nyakakak basa ngajelaskeun ka wartawan nu nulis ieu warta.

Teu kacaritakeun tah kumaha ambekna sawatara pulisi nu ngadon ancrub ngangkat awak nu gelo nu akon-akon papaehan. Teuing ambek, teuing seuri. Da cacakan kuring nu jadi pulisina, kuring mah rek ngabarakatak seuri we, lumayan jang ngahibur diri. Tapi lamun eta pulisi ngarasa ambek tur ngarasa diulinkeun ku nu gelo, sigana inyana ngarasa katipu ku jalwa owah.

Permios, ah…

***