Pasini Teu Ngajadi

Minggu, 4 September 2016 | 23:05 WIB
0
819
Pasini Teu Ngajadi

Carpon: Pepih Nugraha

Saperti ilaharna, manehna mah sok daria naker ari panggih jeung kuring teh. Pasemonna bungah siga budak lelengkah halu manggih kaulinan, padahal umur geus nincak opatpuluh. Kasono sasat dikumpulkeun nepi ka kawas ngalembereh mancawura kamana-mana maseuhan hatena. Pareng ari panggih teh pirajeunan sok tungkup-tangkeup sagala, meureun mun taya ka era mah kuring teh geus digalentor di puseur dayeuh nu rame ku balarea. Kitu geuning pamawaan Kang Jaka, bebene kuring.

“Isin atuh, Kang, ieu teh di tempat umum. Sanaos Jakarta, ieu mah sanes Paris,” cekeng teh ngaleupaskeun panangkeupna di teras Plasa Senayan.

“Atuda sono pisan, Geulis, teu kaampeuh yeuh,” walonna. Ari nyaluk kuring kalih ti make babasan “Geulis” lain nyaluk ngaran kuring nu sabenerna, Irma. Nya wanoja mana nu bisa nahan irung kembung alatan pinuh kupuji. Pikeun wanoja mah kakocapan “Geulis” teh mangrupa pujian nu ajenna alahbatan mutiara nu panghadena.

Biasana, manehna mah sok ngaleng kuring, teu sirikna ngeukeuweuk cangkeng kuring nu lenjang, malah kadang-kadang mah sok pirajeunan mengkek irung kuring nu ku inyana sok disebut rancunit teh, rumasa da boga irung bangir tapi leutik. Unggal poe teu weleh banjir kupuji, samalah mah sok dicaram da keuna ku babasan barudak kiwari mah “lebay” cenah alias kaleuleuwihi. “Ayeuna muji soteh da nuju geugeut-geugeutna, engke mah mung tos mendak nu langkung ti Irma, Kang Jaka mah bakal hilap,” cekeng teh.

Disindir kitu teh lain nempas, tapi kalahka ngangkat awak kuring siga nu rek di pangku caran adegan pilem India wae. “Kang Jaka, alim!” kuring teu sirikna gogorowokan bari neunggeulan taktakna. Bener, era ku papada di dina palebah ieu mah.

Duh…. eta teh kajadian sawatara katukang, waktu katresna masih ngabebela dina hate sewang-sewang. Masih geugeut deukeut. Poe ieu, denget ieu, kuring kudu mere putusan!

Sok Kang Jaka diuk hareupeun kuring sanggeus kuring menta inyana janjian datang di hiji tepas restoran. Basa manehna rek nyium pipi saperti biasana mun tepung, kuring nolak ayeuna mah, ngepeskeun maneh. “Kunaon, Ir, tara-tara ti sasari?” cenah. Kuring godeg. Manehna ngalagedaykeun awakna na kursi, meureun geus turus rasa. Pameunteuna nu biasana marahmay ngadadak sirna kawas ruhak kacaian, sirna kawas kalakay katebak angin. Enya kasebutna umur Kang Jaka teh geus nincak opatpuluhan leber, tapi pameunteu teu weleh kasep caran bujangan umur tilupuluhan taun.

“Kang,” ceuk kuring. Kang Jaka ngangkat rarayna. “Irma teu tiasa nyarios, tapi bade nyerat we nya na ieu tisu,” ceuk kuring deui.

Sok salambar tisu nu bodas cara kapas ku kuring dibetot tina tempatna. Balpoin geus disiapkan. Tret kuring nulis siga nu teu mikir deui pikalimaheunana…. LEUPASKEUN IRMA!

Song tisu teh dibikeun. Kang Jaka mimitina mah teu nampa, nampik. Ngan kuring maksa manehna kudu narima da bisa aya alesan teu kabaca. Dua kocap, mirupa hiji kalimah pondok tapi ngeuna jeung aya ajen nitah dina pihartieunana. Duh, kunaon kuring ngadadak jadi mahluk nu teu satria? Na bisana nitah Kang Jaka maragatkeun ieu hubungan? Naha henteu sorangan wae mutuskeun ieu tali asih teh?

Kareret Kang Jaka siga nu teu percaya. Manehna gogodeg alon pisan, tuluy tungkul. Clak cipanonna ragrag. Geuning cengeng Kang Jaka teh, pikir kuring. Tapi meureun ieu mah lain cengeng samanea, lain cengeng sacengeng-cengengna, pedah teu percaya kana pamenta kuring wae meureun siga nu teu gugur teu angin, dadak dumadak  kawas narajangna lambak tsunami.

“Naon kalepatan Akang, Ir?” pokna ampir teu karungu, sanajan restoran ieu teh kaitung simpe, rehe.

“Teu aya kalepatan nanaon, Kang..,” cekeng teh. “Nu lepat mah urang duaan nu tepang dina kaayaan waktos nu teu sapagodos. Akang tos gaduh bojo sareng palaputra, nyakitu deui Irma oge masih gaduh Kang Norman, geureuha. Hapunten pisan Irma nya, kang, sanes Irma teu nyaah ka Akang…. Irma teu tiasa ngadua!”

“Ir,” pokna pondok bari jeung teu diteruskeun, tikorona siga aya nu ngahalangan.

“Kang, nu tos kalangkung ulah diemutan deui, nya. Sarwa endah memang, pinuh suka bungah. Keun da tali asih mah iraha-iraha oge tiasa numbu deui pami urang tos lelengohan sewang-sewang. Irma ayeuna bade babaktos ka Kang Norman, rumaos anjeunna tos disalingkuhan ku Irma, da geuning Irma mah nyaah pisan ka Kang Jaka teh. Buktos Irma nyaah, kapanan Irma teu wasa maragatkeun ieu tali asih, malih miwarang Akang nu mutuskeun Irma…”

Jurungkunung Kang Jaka nangtung. Panyawang mah inyana teh bakal ngagaplok nyabok pipi da ngarasa diteungteuinganan ku kuring, saolah-olah hubungan nu lilana dua taun teh dianggap sirna teu napak na sajarah kahirupan tresna antara kuring jeung manehna.

“Ir, hampura Akang nya,” pokna. Ngan sakitu. Kongkolak matana ngeyembeng ku cimata. Sanggeus ngajak sasalaman, manehna ngingkig indit teu nolih deui ka tukang.

Kuring narik napas panjang, ngan bati bisa nangtung sorangan di tengah balarea nu balakecrakan di ieu restoran. Ret kana meja, singhoreng tisu nu ku kuring ditulisan LEUPASKEUN IRMA teh teu kabawa ku manehna. Teuing dihaja, teuing memang poho. Tisu ku kuring dicokot, dikeukeuweuk bari cipanon murubut teu kaampeh. “Hapunten, Kang,” gerentes hate.

Ahirna mah kuring ngagorowok nyalukan Kang Jaka, tapi sora nu kaluar ngan saukur mantul na rohangan hate, teu wasa jadi sora na biwir. “Kang Jaka….!!!”

Kahayang mah kuring teh ngudag deui Kang Jaka kalayan pok nyarita yen pesen nu tadi ku kuring ditulis na tisu teh tong diasupkeun kana hate, anggep wae taya dikieuna. Tapi kuring ngarasa dosa ka Kang Norman nu taya salahna. Deudeuh teuing, Kang Jaka, boa hatena gudawang nandangan kapeurih alatan pamenta kuring nu nitah inyana maragatkeun ieu pasini.

Pasini nu geus tangtu moal ngajadi.

***