Anaking Jimat Awaking

Sabtu, 20 Agustus 2016 | 01:23 WIB
0
813
Anaking Jimat Awaking

Wanci tengah peuting kuring karek nepi ka imah sanggeus rengse ti pagawean. Sopopoena ge da kitu pagawean teh, nepi ka imah tengah peuting ari indit meh paburu-buru jeung jurungkunungna panonpoe. Panto hareup dibuka ku sorangan da saban poe ge mawa konci. Karek ge rek niiskeun kesang, kasampak pun anak nu cikal, si Kakang, keur parea-rea omong jeung indungna. Sigana mah aya pasualan genting antara indung jeung anak teh.

Sok kantong nu eusina alat-alat pagawean seperti komputer tablet  jeung telepon cekel ku kuring diteundeun na luhur meja. Awak sakuduna mah hayang geura istirohat kusabab pikiran geus leuleus teu nangan alatan diperes sapopoe di tempat pagawean. “Aya noan ieu teh?” cekeng teh bari sok diuk nyanghareup indung jeung budak. Si bungsu nu kakara umur dua taun mah geus ngagojod di pangkeng.

Teu aya nu ngawalon. Kuring nungguan. Kakara kuring ngarti yen indung jeung budak teh papada adu argumen ngeunaan dimana sakuduna Kakang sakola. Ari indungna hayang si Kakang disakolakeun ka sakola SMA Insan Cendikia nu ayana di Cirebon, sakola anu disebut “boarding school” tea. Ari pun anak siga nu teu daria da meureun manehna teh geus nyawang bakal jauh ti indung-bapak jeung sobat dalit di Jakarta.

Ari si cikal teh umurna nincak 14 taun, sakeudeung deui rengse sakola SMP Annisa. Indungna keukeuh hayang sakola nu poles agama jeung ugamana alus, da meureun rumasa di imah mah kurang waktu jang mere atikan ka anak sorangan. Ari kuring mah mikirna sarwa praktis wae, kapanan sakola nu alus teh pabalatak di Jakarta, na ngadon jauh-jauh neang sakola ka Cirebon? Memang di Cirebon teh aya bibina si kakang, nyaeta pun adi pituin kuring sorangan. Tapi, kapanan jarak Jakarta-Cirebon teh teu bisa disebut deukeut.

Indung budak teu sirikna ngagorowok jejeritan teungah peuting alatan ku kesel da si Kakang ngawalon wae. Malum da pun anak teh keur sedengna ngalawan mawa karep sorangan. Kuring nu kakara gek diuk bari kesang masih nararapel na awak, suwung ku pamikiran. Cape. Jantung ratug da tara biasa nyanghareupan kaayaan samodel kieu. Boro-boro kudu mikir nu beurat kawas kieu.

“Kakang alim sakola tebih, Yah, palay di Jakarta wae,” kitu ceuk si Kakang bari dareuda. Indungna nyakinkeun deui yen ku disakolakeunana si Kakang ka Cirebon lain hartina dipiceun, tapi bakat ku nyaah da hayang mere atikan nu alus. “Nyaah tapi kalahka dipiceun,” kitu pokna pun anak teh nu geus tangtu bakal ngalentab amarah indungna. Bener, indung budak gogorowokan kawas nu kasarumahan.

“Gandeng, sing era ku batur, ieu teh geus teungah peuting!” cekeng teh rada heuras. Kapaksa da dileuleuyan mah teu bisa. Si Kakang ngagidig ka loteng, indungna ceurik. Duh…

Enyaan, kuring mah sok rada beda pamadegan jeung bojo sorangan ngeunaan sakolana si Kakang. Baheula basa si Kakang rek diasupkeun ka SMP, kahayang inyana mah disakolakeun ka pasantren di Carita, Banten, nu jauh ti Jakarta. Harita mah kuring teu panuju da anak kakara hiji-hijina geus dijauhkeun ti indung-bapana, sanajan enya keur sakola.

Ari bojo teu kalih nyonto tatangga nu anakna saopat-opat, nu dua di antarana disakolakeun di Carita tea. Enya da euweuh dua tetep ngari dua. Keuna di kuring, mun si Kakang euweuh teh nya di imah ngan ukur paduduaan wae meureun. Ceuk babasan mah anak hiji wae dipiceun! Ayeuna si Kakang rek nincak SMA, cenah mah bagean indungna nu ngatur. Teuing timana boga beja aya sakola unggulan di Cirebon teh.

Sanggeus rengse mandi, kuring maksakeun ka loteng nepungan si Kakang di pangkeng. Kasampak teh manehna keur inghak-inghakan. Ku kuring diusapan sirahna. “Geura bobo bageur,” cekeng teh. Manehna nginghak beuki rongkah.

“Ayah kunaon Bunda maksa Kakang kedah sakola ka Cirebon?” pokna teh. Cekeng teh, “Ari maksadna mah sae Kang bunda teh, supados Kakang tiasa disiplin. Kapanan Kakang mah gugah ge sesah, solat subuh sok kasiangan. Ari di asrama mah ke disiplin.”

Kasawang kukuring da budak teh memang teu biasa pajauh ti kolot, kari-kari ayeuna rek tolab elmu di Cirebon. “Sok ayeuna mah Kakang geura bobo, tos wengi, enjing bilih kasiangan sakola,” cekeng teh.

Si Kakang nurut sanajan bari nangkubkeun awakna sorangan, siga nu embung paamprok jeung kuring. Sakali deui kuring ngusapan sirah budak pinuh ku kanyaah satacan turun ti loteng. Kuring rek nempo heula si bungsu, awewe, nu kakara umur dua taun jalan. Budak nu dingaranan Gadis teh geus sare tibra naker. Ku kuring dicium, digalentor, da sono pisan ampir sapopoe tara panggih.

Kadang mun keur sono pisan mah budak teh dipaksa dipangku dinangna-nengne sanajan bari sok kuniang hudang. “Ayah,” cenah bari lulungu. Ku ngadenge sora budak ge kuring mah cukup, asa jadi bapa teh. Kari ayeuna aya pasualan antara indung jeung budak, teuing kumaha jadina tah.

Cag ah, geus tunduh pisan. Isukan Insya Allah diteruskeun ieu carita teh.

***

Catetan: mangrupa catetan tina kahirupan nyata