Geuning Waktos SMA Bunda Teu Nganggo Cindung?

Jumat, 19 Agustus 2016 | 15:38 WIB
0
1343
Geuning Waktos SMA Bunda Teu Nganggo Cindung?

Teuing pangaruh vitamin atawa memang jaman geus robah, geuning budak kiwari mah kacida kritis pipikiranana. Ari ngabalikkeun omongan kolot teh sok asal saucap-ucapna wae, ceplak pahang mun keuna di kolot tea mah. Tapi kulantaran nu boga polahna pun anak nu awewe, nyaeta Gadis tea, teu wudu kuring kudu bisa asak-asak nahan piseurian.

Kieu caritana…

Pun anak ku indungna geus dikenalkeun jilbab atawa kurudung keur manehna umur sataun. Ayeuna geus meh nincak umur lima taun. Ari pamaksudan mah ngarah diajar pakean nu merenah tur islami ti keur budak keneh, da geuning ari geus manjing sawawa mah sok hese ngolo atawa ngarobah kabiasanana. Kuring kaasup saluyu basa pun bojo satengah maksa makekeun kurudung ka budak.

“Bunda, kenging Dede teu dikurudung pami ameng ka mol?” kitu babasan pun anak ka indungna. Atuh tanggtu indungna ngawalon, “Pami Dede teu dicindung mah moal cios atuh ameng ka molna, ongkohna engke Gusti Allah murka.”

Sanajan bari jamedud ge teu wudu Gadis make jilbabna. Ari geus bosen mah sanajan geus patali jangji ulah dilaan ge, eh… kasampak teh jilbab geus digulung-gulung atawa di kelab-kelab, buukna nu galing muntang kana tarang patingarulang. Lucu naker (kitu soteh ceuk bapana).

Nya kuring percaya we kana kahayang indungna ngarah papakean Gadis saluyu jeung bagbagan agama, sanajan budak sagede kitu mah can nyaho batal-haram. Sameueus lamun pareng aya wanoja nu make “hotpan” alias pingping kamana-mendi (saleuheung pama alus lucir mah), kuring sok mantuan ngomong, “De, tingali, Dede mah teu kenging kitu anggoanana. Isin ku Allah, teu sopan katingal kunu sanes.”

“Pami tos ageung sapertos Teteh itu, Dede kenging teu nganggo lancingan pondok?”

“Ih, teu kenging atuh, Bageur, eta mah jalmi nu teu terangeun sopan-santun,” ceuk kuring

“Oh, janten Teteh itu teu sopan nya, Yah?”

“Muhun…” kuring ngabohong.

Katurug-turug Gadis teh sakolana di TK Alam Bintaro, nu ngawajibkan sakumna siswi make jilbab salila aya dina lingkungan sakola. Ma’lum budak atuh, kuring teu sakali dua narima “surat cinta” ti ibu guru nu ngabingbingna. “Pa, tadi Gadis muka jilbabna,” kitu cenah ceuk guruna, atawa, “Pa, Gadis remen pisan muka jilbabna ayeuna mah.”

Duh… Biasa ku kuring Gadis sok dicalukan pama geus narima surat ti guruna teh tuluy kukuring ditanya kunaon pangna muka jilbab, ari pokna teh, “Hareudang, Ayah!”

Pareng dina hiji peuting basa indungna keur mukaan ijasah, Gadis manggih paspoto indungna na ijasah SMA. Poto hideung-bodas. Ari jaman harita teh meureun keur usum pangrok (punk rock), nepi keun buuk pun bojo nalika di SMA teh siga jambul khatulistiwana Neng Syahrini tea geuning. Kuring mah sok hayang seuri nempona da (hahahaha…). Tah, basa pun anak manggih poto indungna dina ijasah SMA, ari gorowok teh manehna protes, “Geuning bunda waktos SMA teu nganggo cindung? Kunaon, Bunda?”

Jep simpe. Sigana indungna kakepung ku kabingung naon piwaloneunana. Ari kuring mah nahan piseurieun we bari ngahanca bacaeun di ruang kulawarga. “Kunaon, Bunda?” Gadis kadenge nyeleksek deui.

Ari celengkeung teh indungna ngawalon, “Da waktos Bunda nuju SMA mah teu aya cindung nu cekap, bundana alit keneh waktos harita mah.” Beu… asa teu pas itu jawaban teh. Kuring keukeuh nahan piseurieun. Naon hesena walon, “Bunda teu acan kenging  hidayah waktos SMA mah.” Nya paling Gadis nanya deui, “Ari hidayah teh naon, Bunda?”

Ari pun anak da kasebutna pinter tea, angger we tatanya kunaon indungna teu make jilbab waktu keur SMA, sakumaha poto nu kaperegok kumanehna na ijasah tea. “Bunda, kenging Dede teu nganggo kurudung pami Dede tos SMA?” Hag, siah, Gadis nanya deui…. hahahaha…

Pok indungna ngawalon, “Ih teu kenging atuh, Dede kedah tetep nganggo jilbab, engke mah tos aya jilbab nu cekap kanggo Dede.” Ambuing… ari ngeles teh sok kajauhan!

Cag ah, engke diteruskeun deui.

***