Bedana Budak Awewe Jeung Lalaki

Senin, 22 Agustus 2016 | 14:07 WIB
0
1255
Bedana Budak Awewe Jeung Lalaki

Peupeujeuh, ieu mah lain maksud ngungkit-ngungkit mana nu leuwih aya ajen antara budak awewe jeung budak lalaki. Ari budak mah sarua wae, teu awewe teu lalaki, estu anugrah Mantenna nu taya babandinganana. Kuring ngan sakadar nyutat tina elmu psikologi, yen cenah budak awewe mah leuwih gancang hideng ti batan budak lalaki dina umur nu sarua.

Kuring percaya kana eta hasil panalungtikan teh. Coba geura bandungan pangalaman kuring di handap ieu…

Sababaraha peuting nu anyar kaliwat, kuring nepi ka imah teh geus pukul dalapan. Numpang kareta disel ti Palmerah ka Sudimarakeun. Sanggeus nepi ka Sudimara, ti eta stasiun kuring naek ojeg ka imahkeun. Ti beurang oge geus teu ngeunah rarasaan, pangpangna mah asa rek ambruk gering.

[caption id="attachment_510" align="alignleft" width="200"] Gadis, anaking jimat awaking (Foto: Pepih Nugraha)[/caption]

Saawak-awak asa teu nangan, tetempoan teu bengras, jeung sirah asa beurat we,  teu saperti sabihara sabihari. Bener, sirah nu nyanyautan, awak nu muriang, teu leungit barang nepi ka imah teh. Awak tetep asa remek satulang sandi. Tapi sanajan kitu, ti isuk nepi ka sorenakeun kuring maksakeun ngantor.

Ari dosa mah aya, nya eta jadi supir Jakarta-Bandung-Jakarta. Cenah ceuk pun bojo mah kuring teh geus aya umur, “Ulah ngajago.”

Tah, barang nepi ka imah, kasampak Gadis, anak kuring nu awewe, nu umurna kakara nincak lima taun, geus mapag ti tepas mula. “Ayah geuning uihna wengi?” pokna. Kukuring di walon, “Seueur padamalen, Sayang….” Bari ngok budak teh dicium tarangna.

“Taar ayah panas, teu damang nya, Yah?” Kuring mesem, “Muhun, Bageur, ayah rada teu raraos salira.”

Sok kuring neundeun tas na meja, tas nu eusina alat-alat nulis. Tuluy muka kaos kaki “Giordano”, teu puyus jeung sapatuna nu merek sejen. Bae ah.

Teu lila ti harita, Gadis kokoteangan neangan baskom palastik, tuluy etas baskom teh dieusian cai tina keran dispenser. Ti dituna mah eta budak rek ngompres kuring meureun, nurutan cara kolotna mun manehna panas.

“Ayah bobo di dieu,” cenah marentah ka kuring. Ari maksud di dieu teh dina lahunanana.

“Atuh teu acan kiat, De, ayah bobo na tehel wae,” ceuk kuring baru ngalogodor nyampaykeun awak bari nanggah nyawang lalangit.

Teu lila ti harita, bener we Gadis ngompres tarang kuring ku anduk baseuh, anduk nu beunang nganclomkeun tina cai, diperet, satuluyna dikompreskeun. Sabot keur dikompres teh kuring reueus tur bungah taya papadana. “Geuning budak awewe mah beda jeung budak lalaki, babakti jeung teu antepan,” kuring ngimpleng.

Lain maksud rek bundang-banding ka budak lalaki hiji deui, si Kakang nu umurn geus 17 jalan. Baheula mah keur saumur Gadis, da teu kitu budak lalaki mah. Estu kumakarep we, tara nolih kana kasusah kolot. Nya upamana geuring saperti kiwari, manehna mah api lain wae, anteng jeung kaulinan elektronikna saperti PS. Beda jeung budak awewe balaka hideung oge geus bisa ngaropea kolot, sanajan tangtuna oge can bener pisan.Tapi ari cara-cara manehna ngompres mah geus bener jeung merenah.

Antukna kuring ngan bati reueus boga budak awewe nu bela teh. Asa teu mangmang nyanghareupan pakokolot oge ari aya budak awewe mah. Moal sieun kudu dumuk teu walakaya di panti jompo. Meureun aya nu mangnyieunkeun cikopi, nu mangnyadiakeun cipanas jangeun mandi, aya nu nunungtun lamun hayang laku lampah atawa udar-ider.

Da ari miharep ka budak lalaki sina babakti mah inggis ngan bati beunang katugenah wungkul. Rumasa da kuring ge sok apilain kanu jadi kolot nu ayeuna geus teu aya dikieuna.

Hampura, indung-bapa…

***